Pages

Ngantos Wartos

Nangtung sisi lamping nulungkawing
Ngantos wartos ti salira
Naha salira bet sulaya.
Udar tina tali janji.


Leunpang nyorangan nuturkeun lamunan.
Nyawang anjeun..
Anu lawas teu patepang
Naha anjeun dimana ayeuna.


Lamun ajeun gaduh waktos 
Urang silih tomplokeun rundayan katineung
Bongan anjeun mawa eurih 
Anu ngageuri kana ati


Duh gusti..
Ieu kuring  keur tunggara
Hati hese diubaranana
Sok sieun manehna sulaya.




CINTA, ASIH JEUNG SONO


Ari cinta teh rasa..
Teu bisa diraba kupanca indera
Teu katebak iraha datangna
Ukur hate nupercaya


Asih teh cai..
Ngubaran halabhabna hate
Matak tiis kana ati
Matak jagjag kana raga.


Sono teh seuneu..
ngaduruk akal jeung pikiran
Moal aya anu bisa ngahalangan
Lamun sono geus ngancik dina ati.

0 komentar:

Posting Komentar